Friday, August 3, 2018

Autobiografi dalam Bahasa Sunda (Otobiografi)


OTOBIOGRAFI
Dita Puspitasari

Ngaran kuring Dita Puspitasari, mindeng dilandi Dita atawa Neng Dita. Kuring sok di panggil Neng Dita kusabab di bumi kuring sok di saur neng, boh ku rerencengan boh ku kaluwarga.
Subang teh tempat lahir kuring. Indung kuring ngalahirkeun kuring di RSUD Ciereng Subang sakitar tabuh 9 peuting dinten kemis, 19 Agustus 1999. Indung kuring ngaranna Aah Sariah. Bapa kuring ngaranna Iing Harin. Kuring teh anak katilu, nyaeta anak panungtung saentos teteh sareng aa kuring. Teteh kuring namina Dina Muliasari nyaeta anak kahiji, kuring sareng teteh kuring beda genep taun. Aa kuring namina Dika Kusuma nyeaeta anak kadua saentos teteh kuring, kuring sareng aa beda opat taun.
 Indung kuring masihan ngaran tilu anakna di mimitian ku abjad D kusabab ngaran bapana indung kuring oge di mimitian ku abjad D. Lamun nini kuring  anu ti indung mah tos maot saacan kuring lahir, boh saacan teteh kuring lahir, nyaeta pas sukuran 7 bulanan teteh kuring dina kandungan. Bapa kuring teh pangajar di SMPN 1 Subang. Bapa kuring ngajarkeun basa Inggris. Ngan, lamun indung kuring nyaeta ngurus padamelan di bumi. Indung sareng bapa kuring teh beda 10 taun umurna. Golongan darah kuring nyaeta O, kusabab indung sareng bapa kuring oge O.
Kuring ngawitan sakola nyaeta di TK Darussalam. Sa entos kitu, 18 Juli 2005 kuring neraskeun ka SDN Rawasari. Mimiti asup sakola barudak SD teh sok di pasihan buku aksara sambung. Basa eta kuring resep kana tulisan aksara sambung. Di sakola oge kuring sok ngiluan lomba-lomba antar sakola dasar. Saperti lomba calistung (baca, tulis, ngitung) kuring pernah juara 1 sareng 3, lomba maca puisi juara 3, lomba sinopsis juara 1, lomba cerdas cermat boh kalompok jeung sorangan, pas lomba cerdas cermat sorangan kuring kenging juara 10 ageung tingkat kabupaten. Lomba cerdas cermat sorangan moal kuring hilapkeun kusabab eta lomba teh kuring tiasa patepang sareng SD sanes. Jeung mani kaingetan kusabab kuring bungah kusabab kuring ti SD anu teu pati kasohor di Subang. Tapi SD kuring tiasa asup 10 ageung tina lomba eta. Lian ti eta kuring oge pernah ngiluan lomba tari berkelompok, nyaeta ngan sababaraha urang anu ngawakilkeun ngiluan tari. Pas SD kelas hiji kuring pernah ranking ka 2 jeung katilu. Pas kuring kelas 2 nepi ka kelas 6, alhamdulillah kuring di kelas kenging ranking kahiji. Sa entos lulus ti SD kuring neraskan atikan ka SMPN 1 Subang. Di SMPN 1 Subang kuring patepang sareng jalmi jalmi anu pararinter nu asal SD na oge benten benten, boh ti Subang boh anu ti luar Kabupaten Subang. Di SMP kuring kenging ranking 1 di kelas 7 atawa juara 4 umum. Pas SMP kelas 7 kuring pernah kapilih ngiluan pembinaan di ajar olimpiade biologi sareng basa Inggris di sakola. Ngan pas tahap saterasna kuring teu kenging. Pas kelas 7 oge kuring pernah ngiluan Lomba Penelitian Ilmiah Remaja (LPIR). Ieu lomba ngeunaan panulingtikan kana hiji pasualan. Kuring ngiluan ieu lomba sareng 2 rerencangan kuring. Alhamdulillah kalompok kuring kenging 5 ageung sa-Jawa Barat. Di kelas dalapan kuring kenging juara umum kahiji. Di kelas tilu kuring kenging juara umum ka tilu. Dina ahir semeseter kuring kenging panghargaan siswa berprestasi dina bidang mata palajaran.
Ti keur leutik keneh kuring geus resep kana ucing. Duka kulantaran naon, cenah mah saur indung kuring pas kuring masih keneh orok ucing teh pernah asup ka kamar pas kuring nuju bobo. Kuring sok resep masihan dahareun ka ucing. Kusabab ucing teh mani ocon, komo deui anu masih leutik keneh. Sok teu daek icing tatarekelan ka pohon.  Teras gampil di ulinan ku kuring. Mun ningali ucing anu ocon biasana kuring sok bungah. Pas leutik kuring pernah miara ucing nyaeta ngaranna Once. Once boga bulu nu warnana bodas sareng oren. Once boga buntut anu teu pati panjang jeung rada muringkel. Eta ucing geus di piara sakitar genep taun. Awalna mah bapa sareng indung kuring ge teu resep kana ucing kusabab nya rujit mere daharna, sok sare dimana wae, jeung sajabana. Ngan, ahirna mah indung sareng bapa kuring teh narima kuring miara si Once teh. Awalna indung kuring rada keuheuleun ka ucing. Tapi teu langkung lila indung sareng kuring oge jadi nyaah ka ucing. Anu biasana si Once sok di usir jadi di antepkeun asup ka jero imah teh. Si Once sok di bere dahar, nepi ka si Once awakna jadi badag. Ngan si Once paeh pas si Once geus kolot. Katingali kolot kusabab awakna geus teu jagjag jiga baheula, huntuna geus rada teu rapi, sareng sok gegeringan wae.
            Ti SD kuring atos di ajar maca Iqra’. Ti mimiti Iqra’ hiji nepi ka Iqra genep. Pas kuring SD, kuring ngiluan madrasah masjid. Madrasah masjid na nyaeta di masjid Al-Qanaah anu teu pati jauh ti bumi. Waktos ngawitanna di ajar biasana wengi. Kuring sareng rerencangan sok angkat sasarengan boh naek sapedah atawa leumpang. Ngan pas usum hujan, biasana kuring sareng rerencangan sok huhujanan, lian ti eta jalan anu sok kuring langkung teh sok banjir jadi kuring teh kapaksa kedah ngalangkungan eta jalan anu tos kacampur sareng cai tina koco nu keruh.
            Unggal isuk biasana sok aya tukang bubur anu ngaliwat. Hampir unggal isuk kuring sok meser eta bubur. Sabenerna kuring teu pati beuki kana bubur, ngan pas kuring atos nyobaan bubur anu sok kuring peser unggal isuk, kuring teh jadi resep kana bubur.
            Pas leutik kuring resep nonton film. Film anu kuring resep basa eta nyaeta “Simba” sareng “Pokemon”. Saur indung kuring, kuring pernah nepi ka ceurik kusabab nonton film eta. Ti sabarang kuring budak leutik nepi kaayeuna sato anu kuring resep nyaeta ucing. Kusabab ti leutik kuring boga ucing anu ngaranna Once. Once teh tos di ingu ti sabarang leutik keneh. Awalna mah indung sareng bapa kuring te resep kana ucing. Ngan, lami lami indung sareng bapa kuring teh jadi nyaah kana ucing. Nepi ka si Once gelut oge ku bapa kuring sok di tulungan. Ngan aya sato anu kuring teu resep nyaeta cakcak. Kuring teu pati resep kana cakcak. Kuring pernah nepi ka ceurik kusabab aya cakcak labuh tina tembok teras kana baju kuring.
            Kuring sareng rerencangan boga kabiasaan lamun poe isukanna pere, biasana kuring sareng rerencangan sok ulin pas peutingna. Ulinna teh nyaeta ka bumi kuring, shalat sasarengan jeun ngaji, marawa bekel keur bancakan, lamun tos bancakan biasa diteraskeun ulin. Ngan biasana nepi ka tabuh salapan peuting, kusabab tos di piwirang uih.
            Saentos tamat sakola dasar, kuring teras ngalanjutkeun sakola ka SMPN 1 Subang. SMPN 1 Subang nyaeta SMP anu katelah di Subang. Di SMP, kuring patepang sareng siswa anu asal SD na aya nu ti luar kota Subang. Unggal isuk kuring sok angkat ka sakola sareng bapa, kusabab bapa kuring ngajar basa Inggris di SMPN 1 Subang. Saentos kuring tamat SMP, kuring teras ngalanjutkeun sakola ka SMAN 1 Subang.

No comments:

Post a Comment